Contoh Soal PTS Genap Basa Sunda Kelas X
A. Pilih
salah sahiji jawaban anu paling bener dina huruf A, B, C, D dan E di handap,
kerjakeun dina lebar jawaban !
Baca dongéng ieu di handap sing taliti!
Paménta Tilu Rupa
Jaman
baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok
buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna
kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da
puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah
ku bekel dahareun mun rék
ngangon.
Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka teu bisa ngangon.
Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus
cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta
kadaharan. Tapi batan méré mah
dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé
geus hayang ménta dahar!”
Antukna éta
tukang ngangon téh musapir. Manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna
neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku
tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun
manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
Barang geus
meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu
siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira- kira manéhna kagéteunana. “Na saha anu neundeun
ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.
Sabot kitu
kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh
meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta
éta batu kudu dialungkeun hiji!”
Tukang
ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah- nyembah.
Ti dinya
tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa,
“Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua
rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan.
Katiluna aing rék ménta loba
anak, sangkan bisa nuluykeun
raja jeung kabeungharanana.”
Sadatangna
ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré
kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa.
Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng
téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh
ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
Tukang angon
gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus
mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah keun
baé henteu tulus jadi raja ogé, henteu boga anak
loba ogé, asal jadi beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”
Keleweng
manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé
ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheunana sarta
niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu.
Tapi ras
manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing
deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui.
“Kumaha
ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta
didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”
Sanggeus
bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu beresih.
“Leuwih hadé aing ménta didatangkeun
deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta
saéstuna jalma anu beunghar téh
nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas
aing, da geus milikna jadi jalma
malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar
baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan
baé dunungan anu bageur!” pokna.
1.
Mun
ditilik tina palaku
jeung eusina, dongéng di luhur kaasup
kana dongéng….
a. Legénda
b. Mite
c. Fabél
d. Parabél
e. Sage
2.
Naon paménta ka hiji tukang angon téh?
a. Ménta loba anak
b. Ménta loba ceuli
c. Ménta loba duit
d. Ménta jadi raja
e. Ménta jadi pajabat
3.
Kacalétot nyebut naon tukang
angon téh basa ngajukeun paménta
anu ka hiji?
a. Ceuli
b. Kuli
c. Kawali
d. Duit
e. Leungit
4.
Naon anu kapanggih ku tukang angon
basa hudang tina kasaréanana?
a. Duit anu loba
b. Ceulina jadi loba
c. Anak-anakna
d. Batu tilu siki
e. Domba jalu tilu
5.
Amanat naon anu kapanggih
tina éta dongéng?
a. Jadi jalma kudu narima
kana takdirna
b. Jadi jalma
kudu ihtiar ngangon
c. Jadi jalma kudu jadi tukang
angon
d. Jadi jalma kudu bisa ngabantuan ka batur
e. Jadi jalma kudu beunghar
“Can digawé geus hayang
ménta dahar!”
6.
Paribasa atawa babasan anu luyu jeung kalimah di luhur
nyaéta …..
a. Mipit kudu amit ngala kudu bébéja
b. Pupulur méméh mantun
c. Cul dog-dog
tinggal igel
d. Asa ditonjok
congcot
e. Ranggah méméh
tandukan
7. Saéstuna
jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Kulak
canggeum bagja hartina….
a. Milik hadé atawa
goréng anu geus ditangtukeun ti ajalna kénéh ku Gusti Allah Nu Maha
Suci
b. Milik
pinanggih jeung kabagjaan ti Gusti Allah Nu Maha Suci
c. Ihtiar
pikeun ngahontal kabagjaan dunia ahérat
d. Narima kana katangtuan Gusti
Allah Nu Maha Kawasa
e. Milik hadé atawa goréng jalma teu sarua kabéh
8.
Salah sahiji ciri karangan
dongéng téh nyaéta
….
a. Palakuna jin jeung siluman
b. Témana ngeunaan
kahirupan raja
c. Loba ditulis
dina buku atawa
majalah
d. Dina eusi caritana
loba nu pamohalan
e. Eusina
mangrupa nonfiksi
9.
Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda
téh nyaéta….
a. Dongéng anu
eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun.
b. Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat,
barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
c. Dongéng anu raket patalina
jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut
atawa perkara-perkara anu goib.
d. Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma,
anu aya patalina
jeung sajarah.
e. Dongéng anu eusina nyaritakeun perjuangan atawa carita
kapahlawanan dina médan
peperangan.
10.
Mun
nilik kana eusina,
dongéng Sasakala Situ Bangendit kaasup conto dongéng…..
a. Legénda
b. Fabél
c. Parabél
d. Mité/mitos
e. Sage
11.
Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….
a. Sage
b. Fabél
c. Parabél
d. Legénda
e. Mité
12. Runtuyan kajadian
dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut unsur…..
a. Jejer
b. Latar
c. Palaku
d. Galur
e. Amanat
Antara Asih jeung Adil
Hiji mangsa
sabada ngudag-ngudag uncal dileuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab, ngarinum di situ.
Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manéhna
tuluy sasambat ka déwa, hayang maot babarengan.
Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira
bariskaidinan ménta dihirupkeun deui salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan
téa, tiluanana gé kajawab ku
Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta dihirupkeun deui saurang ti antara tilu
dulurna nu maraot.
Yudistira
pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot nu kudu
dihirupkeun deui. Da puguh kabéhanana ogé adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah kabéh dihirupkeun. Tapi Dewa ngan
méré kasempetan hiji baé ti antara Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa.
Sanggeus
lila nimbang-nimbang, Yudistira ahirna ménta Nakula nu dihirupkeun deui téh. Déwa pohara héraneunana. Naha bet henteu
Arjuna anu ku Yudistira pangdipikaasihna jeung anu disiapkeun pikeun neruskeun
kaprabon. Arjuna téh apan pangéran dipati.
Walon
Yudistira, “Lamun Arjuna anu hirup
deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabéh. Ari putra Ibu Madrim paraéh kabéh. éta henteu adil. Lamun
Ibu Madri terangeun kana éta kateuadilan
tada teuing kanyenyerianana. Tapi lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu Kunti jeung Ibu Madri pada kapapaténan ku anakna hiji séwang. éta
adil. Ka Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah
téh henteu kaci ngalindih kaadilan.”
Déwa pohara panujueunana kana timbangan Yudistira
anu sakitu adilna.
Pikeun ganjaranana, dulurna
anu tiluan dihirupkeun deui.
13.
Mun
ditilik tina carita jeung tokoh-tokohna, carita di luhur ka
asup kana ....
a. Dongéng
b. Carpon
c. Babad
d. Carita Wayang
e. Novél
14.
Diantara Yudistira, Bima, Arjuna,
Nakula jeung Sadéwa,
saha anu pang gedéna?
a. Nakula
b. Yudistira
c. Arjuna
d. Sadéwa
e. Bima
15.
Saha indungna Nakula jeung sadéwa téh?
a. Kunti
b. Madrim
c. Gangga
d. Gandari
e. Srikandi
16.
Saha anu dipilih ku
Yudistira pikeun dihirupkeun deui ku
Déwa téh?
a. Arjuna
b. Sadéwa
c. Kabeh di pilih
d. Nakula
e. Bima
17. Dina carita
Wayang Mahabarata aya kajadian perang
anatara Kurawa jeung Pandawa, perang éta di sebut perang....
a. Perang
Bantar Yuda
b. Perang Baratayuda
c. Perang Pamuk
d. Perang Barata
e. Perang Setra
18.
Kajadian perang anatara Kurawa jeung Pandawa
nyaéta di....
a. Tegal Kurusetra
b. Tegal Barata
c. Tegal Baratayuda
d. Tegal Aléngka
e. Tegal Yudistira
19.
Nu
jadi tokoh protagonis dina carita wayang
Ramayana nyaéta.....
a. Rama jeung Sinta
b. Kumbakarna jeung Rahwana
c. Rahwana
d. Rahwana Jeung
Sinta
e. Wibisana jeung
rahwana
20.
Tempat kajadian perang antara
pasukan Rama jeung Rahwana nyaéta
di....
a. Tegal Kurusétra
b. Kerajaan Ayodya
c. Kerajaan Ramayana
d. Kerajaan Aléngka
e. Leuweung Dandaka
No comments:
Post a Comment